Blog ieu kainspirasi ku facebook (fesbuk) BTS (Bodor Tarucing Sunda). Harepan mah aya manpaat kanu maraca ieu blog. Eusi ieu blog tiasa mangrupi carita, dongeng, bodor, tarucing seurieus atawa banyol heureuy, lucu atawa kumaha we......
Tangtos wae aya postingan kengeng copas (copy paste) ti BTS atanapi ti mana wae. Mugi pengurus BTS rido manah pami aya sababaraha nu ku sim kuring dicopas. Punten pisan ka sadaya pupuhu BTS, sanes simkuring bade nyaingan atanapi ngalindih BTS, mung seja ngiringan ngorojong, ngamumule budaya, komunitas urang/basa sunda, oge seja ngaronjatkeun ( eh ngeuyeubkeun) media komunikasi urang sunda.
Sakumaha nu tos kauninga ku sadayana; facebook tos kawentar, baraya tos tiasa ti kawit daftar dugika medar, update status ngintun komentar, ngeusi profil dugi ka ngunggah foto. Kumaha ari blog??? Tangtos aya bentenna. Mangga ka sadaya baraya cobian....
Nyanggakeun ieu blog ........ ka sadaya urang sunda nu ku simkuring dipikadeudeuh.........



2 comments:
Mana atuh yeuh bodorna... di antosan ku sim kuring ti nagari kangguru... sono yeuh.... salam kenal...
Hapunten pisan telat ngaupdate. Hatur nuhun ... katampi silaturhmina...
Posting Komentar