Reureuh istirah tina sagala kacape. Cape gawe cape mikir. Mun diditu aya kakeuheul di dieu aya kabungah. Teu kedah ngampar samak. Cekap emok atawa sila. Nitenan postingan baraya. Mugia ngabelenyeh pek ngabarakatak. Ilang kanyeri ilang kapeurih ilang kasusah. Cageur......! 3x tur bageur.
7 comments:
budak saha eta teh pa abuy?
putra pun bojo
Tuang putra ta teh, Kang? Lamedong ge tetap we lucu he he he.
Sumuhun.... Kang Asep,... nu ka-4
bongan teu di bere elap... jadi we lamedong... siga budak teu indung teu bapa (hehehe heureuy).... salam kenal dari bogor
@SAS: hatur nuhun kana kasumpingannana.... ti urang bogor.....
Euleuh2...karunya teuing eta murangkalih kasep2 meni lamedong kitu...
Kamana atuh emana... ehh apana eta kalah sibuk ngeblog wae...haha(joke!!).
Posting Komentar