BALIK NAMA
Di kantor SAMSAT aya ibu-ibu paréa-réa omong jeung Pulisi.
Pulisi : “ Bu…,motor ibu kedah Balik Nama…,supados engké nguruskeunana gampil…”
Ibu-ibu : “ Pokona…,Ibu teu hayang Balik Nama…! “
Pulisi : “ Kedah Bu…,ngarah gampil ngurusna didieu…”
Ibu-ibu : “ pokona ibu teu hayang Balik Nama…na ari pa pulisi meni keukeuh....,cing hayu urang tanyakeun ka Kepala Samsatna..”
Tuluy Ibu-ibu téh dianteur ku Pulisi ka Kepala Samsat
Kep.Samsat : “ Aya naon Bu….,aya nu tiasa dibantos..? “
Ibu-ibu : “ Kieu Pa…,piraku abdi badé mayar pajak motor kedah Balik Nama heula..,pokona ibu alim balik nama…! “
Kep.Samsat : “ Naha kunaon Ibu alim Balik Nama…,pan ieu tos peraturan…”
Ibu-ibu : “ Mangga émut ku Bapa nami ibu téh MAYA H. RUJUB …,upami dibalik nama panginten janten BUJUR HAYAM …




0 comments:
Posting Komentar