Kahiji lebaran kadua mudik. Mun teu mudik asa teu lebaran. Bengkungl ngariung bongkok ngaronyok jeung ajeungan jeung dulur jeung baraya akur salembur aman sajagat.
Reureuh istirah tina sagala kacape. Cape gawe cape mikir. Mun diditu aya kakeuheul di dieu aya kabungah. Teu kedah ngampar samak. Cekap emok atawa sila. Nitenan postingan baraya. Mugia ngabelenyeh pek ngabarakatak. Ilang kanyeri ilang kapeurih ilang kasusah. Cageur......! 3x tur bageur.
0 comments:
Posting Komentar