= Ceuk saha eta teh.... gampang omong wae maenya Nurdin Halid jeung Gaddafi (ceuk uing mah Muamar Kadafi) teh adi lanceuk?
+ Teu percaya kitu?
= Heunteu percayaa saeutik ge
+ Ilikan ku ilaing loba pisan nu saruana antara Nurdin Halid jeung Gaddafi..
= Cik naon wae sebutkeun... sakitu beda jauh...
+ Panonna dua... sarua teu.. ceulina dua.... irungna hiji...sarua teu...pek akurkeun.
= Heueuh nya.... terus naon deui nu sarua
+ Duanana ge pakeukeuh-keukeuh embung turun...tina korsina. Sarua nya? Nurdin Halid keukeuh embung turun tina korsi PSSI, Muamar Gaddafi (eh...Kadafi) keukeuh sureukeuh embung turun tina korsi presiden..
= Heueueueuh sarua..... tapi lain dulur pan?
+ Dulur dina embungna..
Select your operating system and version
8 tahun yang lalu



0 comments:
Posting Komentar